Tugas sunda pancakaki
PANCAKAKI
Macam macam pancakaki:
Ka handap:
anak: turunan kahiji
incu: turunan kadua, anak ti anak
buyut: turunan katilu, anak ti incu
bao: turunan kaopat, anak ti buyut
Ka luhur:
bapa: kolot lalaki
indung: kolot awéwé
aki: kolotna lalaki ti bapa atawa indung
nini: kolot awéwé ti bapa atawa indung
uyut: bapa atawa indung ti aki atawa nini
bao: bapa atawa indung ti uyut
janggawaréng: bapa atawa indung ti bao
udeg-udeg: bapa atawa indung ti janggawaréng [2]
kakait siwur: bapa atawa indung ti udeg-udeg
karuhun: jujutan kanu leuwih luhur anu geus tilar dunya
sesepuh: jujutan kanu leuwih luhur nu masih hirup kénéh
Ka gigir:
lanceuk: dulur sadarah lalaki atawa awéwé anu leuwih kolot
adi: dulur sadarah lalaki atawa awéwé anu leuwih ngora
uwa: lanceukna bapa atawa indung
paman/emang: adi lalaki ti bapa atawa indung
bibi: adi awéwé ti bapa atawa indung
alo: anakna lanceuk
suan: anakna adi
aki ti gigir: lanceuk lalaki ti aki atawa nini
nini ti gigir: lanceuk awéwé ti aki atawa nini
kapilanceuk: dulur misan, anak uwa
kapiadi: dulur misa anak paman/bibi
incu ti gigir: incuna adi
emang ti gigir: anakna adi aki/nini (lalaki)
bibi ti gigir: anakna adi aki/nini (awéwé)
Perkawinan:
salaki: carogé, lalaki anu ngawin pamajikan
pamajikan: istri, awéwé anu dikawin ku salaki
mitoha: indung atawa bapa ti pamajikan atawa salaki
minantu: lalaki atawa awéwé anu dikawin ku anak
besan: indung atawa bapana minantu atawa mitoha anak urang
dahuan: lanceuk ti salaki atawa pamajikan
adi beuteung: adi ti salaki atawa pamajikan
Anak:
tunggal: anak hiji-hijina
cikal: anak anu munggaran
panengah: anak tengah, anak anu gumelar di tengah-tengah (biasana mah pikeun jumlah anak anu ganjil)
pangais bungsu: laneuk deukeut ti anak bungsu, kadua ti handap
bungsu: anak bungsu, anak anu gumelar panungtung
Istilah Séjén:
lanceuk sabrayna: lanceuk misan anu masih sarundayan ti aki atawa nini
adi sabrayna: adi misan anu masih sarundayan ti aki atawa nini
dulur pet ku hinis: dulur kandung, dulur saibu sarama
dulur sabaraya:dulur misan, anakna mamang atawa bibi ogé ua
dulur teges: dulur pituin saindung sabapa
indung téré: pamajikan bapa tapi lain indung pituin/biologis
bapa téré: salaki indung tapi lain bapa pituin/biologis
anak téré : anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
dulur patétéréan: anak indung atawa bapa téré
baraya laér: baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh
teu hir teu walahir: teu baraya saeutik-eutik acan
bau-bau sinduk: baraya kénéh sanajan geus laér
baraya: sakur anu aya pancakakina
bésan: indung/bapana minantu
dahuan: lanceukna salaki atawa pamajikanna
Contoh kalimat pancakaki:
"Kuayana pertemuan ieu teh urang janten tiasa ngobrolkeun pancakaki urang sadayana".
Nama : Galuh Sulaiman Abdul
Kelas : XII IPA 3
Komentar
Posting Komentar