Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2021

Pentingna dahar isuk

Dahar isuk kadang mah sok diliwatkeun ku loba jalma kalawan sagala rupa macem alesana, misalna bae ku sabab teu kaburu mangkat ka sakola, buburu gawe, jeung lain sajabana. Aya ogé nu alesan tara biasa dahar ti isuk ceunah oge. Padahal mah dahar isuk téh ngabogaan mangpaat nu alus keur kaséhatan diri urang nu penting dilakukeun saencan ngamimitian ngalakukeun kagiatan sapopoé. Nu mana lamun awak urang teu dahar isuk, awak bisa jadi kakurangan asupan tanaga sabot ngalakukeun aktivitas. Akibatna awak urang kakurangan tanaga sabot ngalakukeun aktivitas dina poe beurangna, jadi bisa bae pagawéan anu dipigawé teh moal maksimal kulantaran leles jeung sajabana. Tapi inget, dahar ukur samahina baé, Nah ku kituna, hayu urang biasakeun dahar ti isuk, atawa mawa bekeul mun teu sempet dahar di imah.